Top Songs By The Panturas
Credits
PERFORMING ARTISTS
The Panturas
Performer
Doel Sumbang
Performer
COMPOSITION & LYRICS
Abyan Zaki Nabilio
Songwriter
Rizal Taufik Kur Rohman
Songwriter
Bagus Patria Adiputra
Songwriter
Surya Fikri Asshidiq
Songwriter
Lyrics
Loba néangan dulur
Boga kaweruh nu luhur
(Bobot pangayom)
Teu poék néangan jalur
(Timbang taraju)
Bisa ngariksa diri
Sangkan hirupna mandiri
(Asak rampa)
Teguh boga jati diri
Teu kabawa sakaba-kaba
Ngalayang katebak angin
(Cakakak di leuweung, injuk talina)
Ngangkleung ti hilir ka girang
(Dihakan dibeuweung, hitut jadina)
Teu boga jimat nu jadi pamuntangan
Leumpeuh papalidan
Nété tarajé, nincak hambalan
Caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket
Kalakuan pagiri-giri calik, pagirang-girang tampaian
Teu unggut kalinguan, teu gedag kaanginan
Tunggul diparud, catang dirumpag
Ngeduk cikur kedah mihatur, nyokél jahé kedah micarék
Ngalayang katebak angin
(Cakakak di leuweung, injuk talina)
Ngangkleung ti hilir ka girang
(Dihakan dibeuweung, hitut jadina)
Nu ngaran hirup di dunya mah ngumbara
Nyimpang kur saliwat
Written by: Abyan Zaki Nabilio, Bagus Patria Adiputra, Rizal Taufik Kur Rohman, Surya Fikri Asshidiq