Lyrics

Ku naon teu dijauhan? Godaan kalah dikeukeupan Ngadon maén api Ngarajut cinta nu pamali Maén rasa jeung maén haté Salingkuh karasa éndah Pikiran kapoékan Haté jiga kaparabunan Rasa cinta anjeun Rasa sayang anjeun Ngaléor, karebut cinta saliwat Bulan nyeungseurikeun Jiga nu mupuas kuring Tingal panon cireumbay Ngan nyurucud, teu katahan Bulan, ulah ngéleos Baturan kuring bagadang Ngararasakeun kanyeri Anu nyiksa ngahantem batin Béré bongbolong, béré awahan Kumaha ngubaran peurihna haté? Maén rasa jeung maén haté Salingkuh karasa éndah Pikiran kapoékan Haté jiga kaparabunan Rasa cinta anjeun Rasa sayang anjeun Ngaléor, karebut cinta saliwat Bulan nyeungseurikeun Jiga nu mupuas kuring Tingal panon cireumbay Ngan nyurucud, teu katahan Bulan, ulah ngéleos Baturan kuring bagadang Ngararasakeun kanyeri Anu nyiksa ngahantem batin Béré bongbolong, béré awahan Kumaha ngubaran peurihna haté?
Writer(s): Dose Hudaya Lyrics powered by www.musixmatch.com
instagramSharePathic_arrow_out